Selasa, 27 Oktober 2009

macam-macam pelet

(1) Asihan
Samping aing kebét léréng,
ditilik ti gigir lenggik,
ditilik ti hareup sieup,
mikaeunteup mikasieup,
mangka eunteup mangka sieup,
ka awaking,
awaking ratu asihan,
ti luhur kuwung-kuwungan,
ti handap téja mentrangan,
ditilik ti tukang lenggik,
ditilik ti gigir sieup,
mangka eunteup mangka sieup,
ka awaking.

(2) Seuri
Biwir aing seuri aing,
huntu aing kuncung emas,
létah aing tambaga hérang,
imut puluhan seuri,
lambey tisusut ku pentul cindé,
diusap ku batu wulung,
bet kolényay.

(3) Asihan
Bali meneng tunggal meneng
Alat-alat parah meneng
Ah meneng sajagat kabéh
Inga sia di mana meuting
Di puncak di angkasa
Sia diliputan ku halimun
Dilanat ku mega bodas
Bayu sia pédah kabatu
Bayah sia pédah ku catang
Seuweu komo ringkep
Seuweu ménak komo hayang
Nu asih pahiri-hiri
Nu hayang paheula-heula
Rét nu hayang
Rét nu asih
Nya aing ratu asihan
Ya Alloh
Ya Rosul
Ya Muhammad
Ya Adam

(4) Kinasihan (dibaca oleh wanita)
Kayamu di samuda nya
Ngalih ka pancana
Matak linglung ti peuting
Gundam ti beurang
Pas inget ka jalma si aa
Bayu sia di gandrung
Basa sia dibawa
Deukeut aa sing kadeuleu
Jauh aa geura tuturkeun dimana baé.

Asihan Mun Natamu (Asihan untuk bertamu)
Asihan si Balaweureu
teu weureu balas neuleu
taya raga anging asih
asih-asih ka awaking
awaking jolag sorangan

Asihan
Asihan aing si panah rasa
Rasa dipanah ku cipta isun
Juh teleng alip nu ngadeg di tungtung
Kulincer nu ngulincer haténa si…….
Kaedanan ku harta
La illaha illaloh
Muhammaddarosululloh 41 x.

Asihan Paragi Dangdan (untuk bersolek)
Néng kolényay parapat nyay
Muput sari tinu sabumi
Ngala atina tinu sajagat
Ti hilir loba nu asih
Ti girang loba nu hayang
Bijil asih tina badan
Datang welas tina atma
Wong sajagat kabéh pada welas
Pada asih ka awaking
Wiru-wiru naga wiru
Naga wilet ka awaking
Nya panduk sangsari wayang
Kadi kadam emas ngora dina tarang

Kinasihan (untuk pria dan wanita)
(untuk pria dan wanita)
Ratu manan ratu gayaga
Ngaran menak kamana ka holan
Jalma ngancik sia
Kuwu panutan aing
Aing panutan sia
Sia geura manut ka aing

Asihan
mat mat kalemat,
pangemat ka nu ngaran si ……….
eundeur sadayeuh,
géhgér sabalé,
komo ratu komo rusuh,
déwata nu matak hayem,
mangka welas mangka asih,
asih ka badan awaking

Jampé Awét Ngora
nyiuk sinujm mara sinum,
hiyang sionum barasatan,
nu ngariung siga tunggul,
nu ngalayah siga kalakay,
ulah mupul sari aing,
ulah mupul sisi aing,
ulah mupul sila aing,
sari si itu si éta,
cahaya beunang ku aing.
Modal utama para penghayat

Pélét
Kaayana di kamada
Ngalih ka pancana
Matak linglung ti peuting
Gundam ti beurang
Ras inget ka jalmi si aa

Pelet
Bismillah
Kum awewe
Wataji kuhu absar
Wahuwa Latiful Khabil
Sabulan sang ratu nu colalang
Sabulan mangrupi
Dua putri mananjo
Tujuh bulan kolot
Salapan bulan sang goledah
Gereleng putih
Jig ka cai ngadon ceurik
Jig ka darat ngadon midangdam
Jig ka imah asa jobong koong
Kop cai asa tuak bari
Kop dahar asa tatal bobo
Kaula nyaho ngaran sia..........

Pelet
Bismillahirahmanirrahim
Amatkeun sejaron guyang
Teteger aya di pasar
Gagamana suda lanang saking suarga
Lamun sabetkeun ka gunung Gugut
Ka lautan saat, ka bumi bengkah
Lamun disabetkeun ka langit tujuh amblas
Lamun disabetkeun ka si pulan
Tunduk runtut raut babarengan sareng kakasihku
Lamun keur ulin balik
Lamun keur saré sina hudang
Lamun geus hudang titah diuk
Lamun geus diuk lengkahkeun ka imah
Ngadeukeutkeun kakasihna
Lailahailallah Muhammadarosulullah

Pelet
Bismilahirohmanirohim,
pari antang pari anting,
parian nanggeuh kagungan,
cunduk buntut tumpes ngarumpuyuk,
tungtung sari ngalonggoyo tungtung ranjang,
asihan aing kabur ka sia,
deudeuleuan asa teu pararuguh,
dahar asa teu pararuguh,
cai asa bulak-balik,
kéjo asa catang bobo,
rék dipasrahkeun diri sia ka diri aing,
da puguh parantos teu kiat.

Pélét
Niscaya uing si burung kuning
Si burung kuning campak kunyang
Ngaburungkeun nu keur bakti
Ngabancana nu keur tapa
Malikeun nu miceun beungeut
Mugi Alloh ngawagu
Di langit luhur langit
Sawarga ulah ngan basa
Mugia balik rohani
Carita badan rohani nyawa
Baeu banget urang kawelas
Urang kaasih ka kaula
Ungkuk-ungkuk belentuk tilu
Congcorang jarang disada
Kirim aing bungkus kosong
Ulah kosong-kosong teuing
Eusina badan jeung nyawa
(tajong tangkal kai 3x)

1 komentar: